Sabtu, 28 Desember 2024

Hayu Batur, Urang teh Dulur

  Hayu Batur, Urang teh Dulur

Oleh : Zaenal Muttaqin



Mun ditilik-tilik deui, karajaan-karajaan di Nusantara mah kabeh oge duluduran. Ti mimiti Salakanagara, Kutai, Tarumanagara, Kendan-Galuh, Kalingga, Sunda-Pajajaran, Sriwijaya nepi ka Majapahit jeung saterusna.

Jayasingawarman (wafat 382 M), anu ngadirikeun Tarumanagara, eta teh minantu Dewawarman VIII, Raja Salakanagara. Mun dipaluruh, Salakanagara, Kutai jeung Tarumanagara kabehanana sarua ti dinasti Warman.

Ari anu diangkat jadi raja-resi Kamandalaan Kendan, cikal bakal karajaan Galuh, nyaeta Manikmaya (wafat 568 M). Manehna teh katurunan dinasti Calangkayana nu jadi minantu raja Tarumnagara ka-7. Ari budak Manikmaya anu ngaranna Suraliman Sakti, menangkeun  putri Kutai budakna Balaputradewa.

Ti Suralim Sakti pindah Kandiawan nu katelah Sang Layu Watung, tuluy ka Wretikandayun anu ngadegkeun karajaan Galuh. Salah sahiji budak Wretikandayun, anu ngaranna Mandiminyak, meunangkeun putri Parwati ti  Kalingga, kameumeutna Ratu Sima. Ku Ratu Sima tuluy dibere tempat anu katelah Bumi Mataram (Kalingga Utara). Anapon budak lalaki Ratu Sima anu ngaranna Narayana, dibere tempat di pakidulan anu katelah Bumi Sambara.

Loba katurunan sohor ti Mandinyak teh, diantarana Wijaya, anu nurunkeun Rakai Panangkaran, saterusna nurunkeun Rakai Pikatan nu ngawangun Prambanan, dugi ka nurunkeun Mpu Sindok nu jumeneng di Mamenang. 

Di belah kulon, minantu Linggawarman, ti Tarumanagara, jadi pupuhu Karajaan Sunda. Waktuna teu jauh ti Sri Jayanasa ngagedeun Wijaya, nu beh dituna jadi Sriwijaya. Tarusbawa jeung Sri Jayanagsa sarua menangkeun putri Tarumanegara: Sri Jayanasa kawin ka putri Sobakancana, sedengkeun Manikmaya ka adina anu ngarana Dewi Minarsih.

Panjang caritana lamun diteruskeun. Ngan mun nitenan Prabu Linggabuana, manehna teh boga darah campuran, ti dewi Teja Kancana (Karajaan Sunda) jeung Sanjaya anu mangrupakeun katurunan Mandiminyak-Parwati (Karajaan Kalingga). Tali asih Sanjaya jeung Dewi Teja Kancana nurunkeun Rakeyan Panaraban, Rakeyan Banga, anu satuluyna nurunkeun Prabu Linggabuana. Kitu deui Dyah Wijaya, pendiri Majapahit, eta masih pakuat kait jeung Karajaan Sunda, lamun urang inget keneh carita Ciung Wanara mah. 

Carita tadi umumna geus jaman Hindu-Budha, jarang aya catetan ti jaman nu leuwih ka tukang. Tapi moal nyalahan lamun urang boga hipotesis yen Nusantara mah mangrupakeun tempat silang budaya di sapanjang jaman. Ceuk Denis Lombard, dina buku "Nusa Jawa: Silang Budaya", euweuh bangsa anu bisa nyaingan Indonesia dina masalah percampuran etnis jeung budaya.

Genetik urang Indonesia mah lain ti hiji bangsa, tapi ti loba bangsa. Dina diri urang teh ngalir getih Afrika, India, Cina, Eropa, jeung sajabana. Salian ti eta, mayoritas karajaan-karajaan urang mah duduluran. Ieu teh minangka ramuan, potensi, nu bakal nganteurkeun Indonesia jadi bangsa agreng. Kulantaran eta, urang teh kudu bungah jadi urang Indonesia. Temahna mah kudu bunga amarwata suta, bungahna kagiri-giri. [ZM]


*Zaenal Muttaqin, adalah penulis sejumlah buku terkenal, tinggal di Bandung













Share:

BTemplates.com

Cari Blog Ini

Diberdayakan oleh Blogger.